Showing posts with label Tradisional. Show all posts
Showing posts with label Tradisional. Show all posts

Monday, March 14, 2011

Sorban Palid

Akang haji sorban palid
Palidna ka Cilamaya
Akang haji sumangga calik
Nyanggakeun mah saaya-aya

Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikapundung
Akang haji kunaon balik ulah lila
Dalila pundung

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Najan sono najan heman
Teu sae ngobrol di jalan

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan

Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikamiri
Akang haji kunaon balik
Ulah osok da nganyenyeri


Cing Cangkeling

Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng

Sabilulungan

Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohaka,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

chorus
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

Cipt. Sambas Mangundikarta