Thursday, August 25, 2011

Reumis Beureum Dina Eurih

Bray

Balebat panghareupan

Hayam raong patembalan

Ngadigdig nyungsi laratan

Neangan sugan jeung sugan

Kamana atuh panutan

Basa lembur kahuruan

Duh kahuruan



Jol ka lamping suku gunung

Ditempo sugan dikedung

Didongdon sugan ka lisung

Ka sawah sugan ka saung

Panutan geuning bet suwung

Piraku rek niat pundung

Rek niat pundung



Harita teh geus bray-brayan

Basa datang ka sempalan, ieuh

Kembang eurih pareng neba

Barodas baseuh cimata



Harita teh geus enyay-nyayan

Aya wirasat nu datang, ieuh

Reumis beureum dina eurih

Bareureum baseuh ku getih



Gok amprok reujeung manehna

Keur sare bangun nu tibra

Imut mapag langit jingga

Kembang eurih sasarapna

Aduh geuning bareureum rupana

Aduh nu sare dewang dadana





No comments:

Post a Comment